Réstoran Nuansa Pariwisata Dahar dina Parahu

 

Réstoran Nuansa Pariwisata Dahar dina Parahu

Ku Azeng Ima Mulazamah

 

Urut wangunan Lebak Ciremai di Jalan Kuningan Kacamatan Kramatmulya, kiwari jadi réstoran anyar anu leuwih seger jeung nyaman. Cibiuk Resto, salah sahiji tempat dahar nu geus kawentar di sagala rupa kota, Ayeuna, Cibiuk Resto manjangkeun bisnisna di Kuningan. Cibiuksorangan dipikawanoh minangka tempat dahar anu nyuguhkeun masakan has Sunda kalawan rupa-rupa varian sambel cabe Cibiuk. Henteu ngan ukur urusan dahareun, wangunan urut Lebak Ciremai kiwari leuwih modéren jeung elegan.

Aya dei area ditukang nu tos robah jadi tempat nu nyaman jeng metot sakaligus pemandangan Sawah jeng Gunung Ciremai. Jeng nu wajib di coba kalawan iye restoran teh nyaeta sensasi dahar dina parahu. Enya, sensasi dahar di parahu ieu aya di wewengkon tukang. Sababaraha parahu ngajajar anu unik, dipikaresepeun, sareng instagramable salaku tempat tuang.

Hiji parahu, bisa dieusi nepi ka 10 urang. Henteu ngan saukur pikeun kulawarga, tapi ogé jalma ngora, rumaja nepi ka barudak. Sensasi tuang tuang dina parahu kalayan pandangan cai, eta bakal narik pikeun didatangan. RM Cibiuk mimiti buka nyaeta awal taun, tepatna bulan Januari, teu acan lami sareng masih keneh hanget.Mimiti buka nage didatangan ku bupati , istrina ,sareng jajaran na.

Samentara éta Juragan Cibiuk H Iyus Ruslan nyebutkeun, geus kurang leuwih 23 taun dina usaha réstoran. Saurna, bisa ngamekarkeun réstoran éndah di Kabupatén Kuningan. Anjeunna hoyong unggal kabupaten/kota gaduh cabang.Bupati Kuningan H Acep Purnama ogé ngabagéakeun ayana Cibiuk Resto di Kuningan. Nurutkeun manéhna, ku ayana Cibiuk bakal nambahan wahana kuliner, wahana wisata di Kabupaten Kuningan.

Anjeunna ogé ngadugikeun harepan ka Cibiuk Resto. Mugia tiasa nambihan daya tarik kunjungan urang luar ka Kabupaten Kuningan.Leuwih ti éta, Kuningan mangrupa Kabupaten anu ngaayaan agropolitan (perkebunan jeung industri) ogé pariwisata. Nurutkeun Manajer Operasi, Iwan Setiawan, nétélakeun naon husus ngeunaan Cibiuk Resto. Cenah, olahan gepuk di éta tempat téh kacida legendaris jeung cara ngolahna masih kénéh maké kompor kai.Samentara éta, konsép anu diwanohkeun ku Cibiuk di Kuningan téh leuwih ngararasakeun industri modérn, padahal baheula Cibiuk réa mawa konsép tradisional.

 

Komentar

Postingan Populer