Seren Taun
Seren Taun Ku Irsya Maharani Seren taun nyaeta mangrupa salah sahiji tradisi anu aya di masarakat sunda nepi ka kiwari. Eta tradisi teh masih digelarkeun ku masarakat agraris saperti di kuningan. Kecap seren taun di wangun ku dua kecap nyaeta kecap seren jeung taun. Seren nyaeta pagawean mulangkeun nyerahkeun naon naon anu tadina dititipkeun. Sedengkeun taun nyaeta waktu di dunya anu lila na 12 taun. Hal ieu dilakukeun minangka wujud rasa sukur ka Gusti Nu Maha Suci, kana limpahan rezeki nu dimeunangkeun tina hasil panén masarakat Sunda Wiwitan. Salian ti éta, kagiatan ieu ogé ditujukeun pikeun ménta panyalindungan dina mangsa penanaman nu bakal datang. Wewengkon anu ngalaksanakeun upacara adat ieu di antarana Sukabumi, Cisolok, Kuningan, jeung Cigugur. Puncak acara adat Seren Taun dilaksanakeun di Palataran Tri Panca Tunggal Cigugur Paseban Kabupaten Kuningan. Upacara Seren Taun dilaksanakeun saban tanggal 22 Rayagung minangka bulan pamungkas dina kalénder Sunda. Dua poé s...

