CIPANIIS : Kaendahan Tempat Pamandian Alam di Kuningan

 

CIPANIIS

Kaendahan Tempat Pamandian Alam di Kuningan

Ku Nayla Lailatul Mardiyah

Pamandian Cipaniis mangrupa salah sahiji tempat wisata anu kasohor di Kabupaten Kuningan. Wisata pamandian ieu lokasina di Kacamatan Pasawahan, Kabupaten Kuningan, Jawa Barat. Pamandian ieu ngagaduhan cai anu herang sareng suhu anu saé pisan.

Pemandian Cipaniis mangrupa tempat wisata anu populer di kalangan wisatawan lokal. Loba jalma ti luar kota ngahaja datang ka Kuningan ngan pikeun ngarasakeun tempat wisata nu éndah. Maranéhna ngahaja datang ka Kuningan ngan saukur rék ngaleupaskeun pikiran tina pagawéan nu karasa capé unggal poé.

Lantaran caina asalna ti Gunung Ciremai, ieu téh jadi daya tarik utama para wisatawan pikeun nganjang ka ieu tempat pikeun niiskeun awak ku cai ti gunung asli. Maranéhna ngahaja datang ka Kuningan ngan saukur rék ngaleupaskeun pikiran tina pagawéan nu nyieun capé unggal poé.

Harga tiket masuk Wisata Cipaniis Rp. 15.500,- Salian ti tempat anu lega, tempat wisata ieu ogé nyadiakeun réa fasilitas anu tangtuna bisa dipaké ku para pengunjung. Di antarana, gajebo, warung makan, jamban, jeung ngiuhan tangkal-tangkal jangkung. Tempatna bersih, tur loba tempat sampah nu di sadiakeun.

Nu datang téh lain jalma déwasa, budak ngora, barudak letik ogé cocok pisan pikeun ngumbara di walungan Cipaniis. Kusabab kawilang aman di dieu, aliran walungan henteu gancang teuing, areng cai anu herang ceuk salah sahiji wisatawan. Manajemén tempat wisata ieukacida  pangaruhna dina widang pariwisata di Kuningan. Ku kituna dipiharep ieu wisata téh tetep kajaga kaéndahanana di Kabupatén Kuningan.

Komentar

Postingan Populer