Resesi 2023, kumaha nasib Indonesia?

 

Resesi 2023, kumaha nasib Indonesia?

 

Nurutkeun Otoritas Jasa Keuangan (OJK), resesi mangrupakeun kaayaan dimana ekonomi hiji nagara ruksak, nu ditempo tina produk domestic bruto (PDB), ngaronjatna pengangguran, jeung tamuwuhna negative ekonomi riil salila dua kuartal berturut-turut.

Prediksi dunia bakal resesi taun 2023 dicetuskeun ku Bank Dunia dina laporanna anu judulna “Is a Global Recession Imminent?”.  Prediksi ieu makin karasa ku urang ayeuna ditandaan ku sababaraha nagara nu geus ngalaman inflasi anyar-anyar ieu.

Dikutip tina KPBU Kemenkeu, Presiden Jokowi netelakeun kateupastian global ayeuna teh matak pikahariwangeun loba negara, kaasup Indonesia. Salaku hasil tina naekna harga energi sareng suku bunga di sababaraha negara, inflasi teh naek. Cenah, geus aya 5 negara anu lonjakan inflasi nyampe 80%. Salian ti eta, inflasi Indonesia nepi ka November 2022 ngahontal 5,42% sarta ngahontal 6% dina akhir taun 2022. Menteri Keuangan Sri Mulyani oge nyebutkeun ancaman resesi jeung perlambatan ekonomi moal jadi tantangan anu gampang, utamana tina akibat ketegangan geopolitik anu boga dampak dina gangguan rante suplai global anu berpotensi mangaruhan ekonomi domestik.

Resesi 2023 disababkeun ku sababaraha faktor, diantarana pandemi Covid-19, perang dingin Rusia-Ukraina, tinggina tingkat inflasi, jeung kenaikan suku bunga acuan.

Tina faktor-faktor eta, resesi ekonomi tiasa nyebabkeun turunna sakaligus dina sadaya kagiatan ekonomi sapertos lapangan kerja, investasi, jeung kauntungan perusahaan. Salian tina naekna harga nu naek anu nyebabkeun ekonomi, resesi ekonomi oge bisa disababkeun ku turunna harga atanapi deflasi. Kaayaan ieu cenah tiasa nyebabkeun ekonomi taun 2023 bakal leuwih poek.

Teras kumaha Indonesia?

Menkeu Sri Mulyani, mastikeun Indonesia moal katarajang resesi dina taun 2023. Anjeunna ngarujuk kana prediksi Dana Moneter Internasional atanapi IMF, anu nembe ngaluarkeun prediksi ekonomi dunia.

IMF baru saja mengeluarkan prediksi sepertiga dari ekonomi dunia akan kemungkinan terkena resesi. Kita tidak termasuk yang sepertiga, Insyaa Allah kita jaga terus,” saur Sri Mulyani dina video YouTube ti Kementrian Keuangan, dina Minggu, 8 Januari 2023.

Indonesia moal katarajang resesi sabab konsumsi domestik masih kuat dina nunjang pertumbuhan ekonomi Indonesia.  Komposisi rumah tangga dina struktur PDB Indonesia masih dominan, ngahontal 50,38%  dina triwulan katilu 2022. Salian eta, didukung ku optimisme palaku UMKM di Indonesia jeung ngaronjatna mobilitas jalma di luar imah teh luyu sajalan dicabutna PPKM.

Namun kukituna, meski Indonesia disebutkeun moal katarajang resesi, urang kudu tetep waspada sabab negara urang masih keneh kaasup kategori negara berkembang. Hari sial moal aya tanggalna dina kalender, resesi masih bisa nerjang arurang sadaya.

Nurutkeun ti CNN Indonesia, negara-negara sapertos Amerika Serikat. China, Korea Selatan, Jepang, Taiwan jeung sajabina diprediksi beresiko katarajang resesi dina taun 2023. Negara-negara nu disebutkeun tadi sangkilang negara anu kaasup pendukung ekonomi besar dunia atanapi negara-negara gede anu geus kategori maju. Teras kumaha jeung negara urang anu masih keneh negara berkembang? Tina pikir logika mah, Indonesia oge bakal beresiko ngalaman resesi 2023 meski Menkeu Sri Mulyani negeskeun negara urang moal kena.

Urang salaku masarakatna ulah terlena tina omongan-omongan jama pamarentah. Kukituna, dina taun 2023 ieu, aya sababaraha cara anu kudu urang persiapkeun menghadapi resesi, diantarana nabung kaasup faktor utama. Hal ieu dilakukan jeung nambah dana darurat wanti-wanti bisi resesi kajadian. Kadua, urang kudu ngurangan sikap konsumtif. Konsumtif didieu maksadna ulah meulian barang-barang anu teu puguh, meuli barang anu geus pasti kabutuhan jeung aya mangpaatna dina kahirupan. Katilu, jieun daftar pengeluaran, masih nyambung tina poin kadua, pengeluaran ulah dipake ka sagala macem-macem, hal ieu oge dilakukeun mih pengeluaran urang kakontrol jeung jelas eta duit teh kamana larina. Kaopat, mangpaatkeun peluang mih bisa dijadikeun cuan. Indonesia nurutkeun ti katadata kaasup negara anu jiwa wirausahana rendah. Padahal, mun rek jadi negara maju salah sahiji faktorna negara kudu ngahasilkeun jiwa-jiwa wirausaha anu tinggi. Kukituna, masarakat kudu bisa boga pola pikir kreatif, mangpaatkeun kesempatan jadi wirausaha, kurangan gawe di batur, kudu bisa jadi bos di usaha sorangan. Terakhir, gunakeun asuransi. Hal ieu dilakukeun mun misal sawaktos-waktos kajadian buruk nimpa ka urang tapi dana darurat teu cukup, asuransi bisa jadi opsi alternatif.

 

Komentar

Postingan Populer