ARTIKEL BASA SUNDA KAGIATAN KAPUTRIAN DI MAJELIS

 

ARTIKEL BASA SUNDA

KAGIATAN KAPUTRIAN DI MAJELIS

ku Mira Agustin

 

Kagiatan kaputrian mangrupa kagiatan ngabimbing santri putri sarta ngawanohkeun posisi putri dina islam, akhlak atawa paripolah wanoja, jeung sajabana. Ku kamekaran jaman, beuki loba kajadian goréng di masarakat. Kegiatan kaputrian di majelis sok di laksanakeun unggal poe nyaeta dina saentos solat magrib sampe ka samemeh adzan isya, dina kaputrian tea, pemateri sok ngadadarkeun perkara jeung terus nanya ka murid sina tanya jawab.

 Ngayakeun kaputrian di majelis bisa ngatik santri sangkan jadi pribadi anu hadé tur bisa ngalarapkeun étika dina nyarita, paripolah sabada papanggih jeung guru, sasama sepuh, komo deui jg sasama babaturan sabaya.

 Jeung ngajarkeun kumaha pakéan anu teu kudu ketat teuing jeung ngajaga panon ka lalaki anu lain mahram, Jeung pikeun awéwé wajib nutupan buligirna ku maké jilbab jeung ngajaga kahormatan jeung ngajauhan lampah négatif. Keputrian ogé ngajarkeun sarta ngabejaan urang yen dating dina Islam teu diidinan, tapi dina kanyataanana masih loba anu ngalanggar.

Jeung ai malem jumaah sok ngayakeun ratiban, yasinan, jeung hadrohan. Terus sok ngayakeun deui acara Maulid Nabi.

 

Referensi :

Tina digilib.unisa.ac.id Kagiatan kaum santri mangrupa sarana atawa tempat ngumpulna kaum muslimin(rumaja awéwé) pikeun ngaronjatkeun pangaweruh, kaahlian jeung pamahaman ngeunaan islamisme. Kalayan rapi sareng profesional, nu diayakeun rutin. Kagiatan awéwé dilaksanakeun di luar jam sakola, dimana siswa dipandu sarta diwanohkeun kana posisi jeung hak awéwé nurutkeun Islam, moral atawa kapribadian awéwé, emansipasi jeung persamaan, fiqih awewe jeung sajabana. sajaba ti éta, di jero kagiatan awéwé, siswa ogé diajarkeun ngeunaan kaahlian kawas awéwé. (https://digilib.uinsa.ac.id/10644/4/BAB%20II.pdf)

Komentar

Postingan Populer