Artikel Tim Bomber Kareeus Desa Cikeusal

 

Tim Bomber Kareeus Desa Cikeusal

Ku rifa nadia

     Tim bomber FC teh sepak bola nu Aya di desa cikeusal kecamatan cimahi kabupaten Kuningan.

    Tim bomber FC cikeusal sering jadi tim bola kareeus warga desa Cikeusal jeung pamarentah desa cikeusal kusabab tim bomber sering menangkeun turnamen,loba turnamen anu di menangkeun ku tim bomber diantara na nyaeta :

1.      Juara 1 dina turnamén utama di Cidahu-Kuningan (2016)

2. Juara 3 pasanggiri sepak bola di Luragung-Kuningan (2018)

3. Juara 2 Porgal cup di Luragung (2022).

      Sanajan gagal meunang juara 1 di porgal cup, tapi tim bomber tos ngalakukeun nu terbaik Jeung berusaha,eleh Jeung menang oge tos biasa na pertandingan.

di lansir ti na kuninganoke,Tim Bomber oge meunang juara ka-2 di na porgal cup meunangkeun hadiah Rp 7,5 juta, piala jeung medali anu dipasrahkeun ku Dandim Kuningan Letkol Infanteri Bambang Kurniawan SE MA.

Tim Bomber Oge Aya sababaraha jenis umur :

1.Bomber U17 dominan umur na ti U17 Ka handap.

2.Bomber fc gabungan antar umur ngora Jeung senior nu masih aktif di sepak bola.

3.Dedengkot dominan senior nu jarang aktif di sepak bola tapi tetep hoyong maen bola.

       Tim sepak bola bomber oge teras ngalakukeun latihan di lapangan satempat guna na ngaluruskeun sareng ngembangkeun performa maenna.

 Abdi reeus ka tim bomber fc manawi tim na hebat teras tim na kompak,harapan abdi tim bomber tangtos tetep sinergis semangat jeung terus mekarkeun kamampuan timna.supaya kaharepna tim bomber bisa ilubiung dina turnamén sepak bola Jeung bisa ngaraih juara 1 dina turnamen ka harepna.

   Dilansir ti na gramedia oge,aya sababaraha manfaat ti na permaenan sepak bola nyaeta bisa memperkuat tulang, ngurangan stres, belajar ngendalikeun emosi, ningkatkeun konsentrasi Jeung fokus .

  Manfaat diayakeunna tim sepak bola di desa Cikeusal guna na terus ngamacu para pemuda anu resep ka sepak bola, supaya bisa tetep ilu biung Jeung neruskeun tim bomber ti generasi awal sampe generasi seterusna.

Komentar

Postingan Populer