Artikel sepak bola
SEPAK BOLA
Ku Intan Nurbadriah

Maen
bal atanapi sepak bal, nyaeta olahraga nu dimaenkeun atanawis 2 di mana saban
tim pamaenna 11 pamaen inti jeung sababaraha pamaen cadangan. Asup abad ka-21,
olahraga ieu geus dimaenkeun ku leuwih ti 250 juta jalma di 200 Negara. Maen
bal boga tujuan pikeun nyitak gol saloba-lobana ku cara nempatkeun bal ka
gawang lawan.
Sepak
bal dimaenkeun dilapangan kabuka nu ngabentuk persegi panjang, dina jukut
atawa di jukut sintesis. Secara umum,
kiper teh boga hak ngome/noel bal ku leungeun atanawa panangan nu di jero
wewengkon gawang na, sedangkeun 10 pamaen sejen na dikajeunkeun ngagunakeun
sakabeh awakna salian ti leungeun maranehna, biasana jeung suku maranehnana
pikeun najong, dada pikeun kontrol, sarta hulu pikeun nyundul bal.
Kaulinan
maen bal dibere menit maen salila 90 menit, sakapeung aya tambahan waktu
nurutkeun naon anu lumangsung di lapangan. Di sepak bal aya nu ngatur jalan na
pertandingan nyaeta wasit, dina pertandingan maen bal aya opat wasit diantarana
nyaeta hiji wasit utama, dua asisten wasit atawa umumna disebut hakim garis
jeung wasit cadangan.
Tim
anu nyetak panglobana gol di akhir partandingan nyaeta anu jadi juarana. Lamun
nepi ka akhir waktu masih keneh imbang bisa aya adu pinalti, gumantung kana
format kajawaraan. Tina pertandingan resmi, 3 poin di pasihan ka tim anu
meunang, 0 poin ka tim anu eleh, sareung 1 poin masing-masing ka dua tim anu maen imbang.
Komentar
Posting Komentar