Artikel Penting na Dahar Isuk-isuk

 

Penting na Dahar Isuk-isuk

Ku Alvina Lia Hasari

 

Dahar isuk atawa sasarap nyaeta kagiatan dahar jeung nginum anu wajib dilaksanakeun antara hudang isuk-isuk nepi ka jam 9 pikeun nyumponan sababaraha kabutuhan gizi sapopoe(15-30% kabutuhan gizi) dina raraga ngawujudkeun sehat, aktif, jeung produktif hirup,   Masih seueur urang Indonesia anu teu acan biasa dahar isuk isuk,Dahar isuk-isuk kadangan sok di popohokeun ku lantaran tara biasa jeung loba aleusana. Contona bae ku sabab teu kaburu ka sakola, kaburu gawe jeung nu lain sajabana.

Padahalmah dahar isuk-isuk teh ngabogaan mangpaat anu alus pikeun kasehatan diri urang,Jeung eta teh penting kudu di lakonan jang bekeul ngalakukeun kagiatan sapopoe.Salah sahiji mangpaat sasarap nyaéta salaku sumber energi, Ieu aleusan kunaon sasarap penting pisan pikeun ngamimitian dinten anjeun.Dimana anu rutin sasarap cageur unggal isuk leuwih gampang meakeun cekap vitamin sarta mineral,ngadalikeun beurat maranehanana,sarta dahar kirang lemak sarta kolesterol.

 Nu mana lamun urang teu dahar isuk-isuk, awak bisa jadi kakurangan asupan tanaga sabab ngalakukeun aktivitas sapopoe.Akibatna awak urang kakurangan tanaga di pabeubeurang. Jeung sok aya nu jadi salatri sing ngeleuleuper, jeung perih peuji, kesang badag ti saawak awak,tetenjoan asa buricak burinong eta kalaparan atawa salatri.

Jadi weh pagawean anu di pigawe teh teu maksimal ku lantaran leleus jeung sajabana.Tapi, ingeut dahar kudu samahina bae, ulah loba teuing bisi nundutan ke di tempat gawe atawa disakola

 Jadi kumaha carana ngabiasakeun sasarap isuk isuk? Supaya ngabiasakeun sasarap teh, Atur waktos dahar peuting lamun dahar deukeut teuing ka waktos sare, urang bisa ngalaman panurunan dina napsu isuk-isuk,hal anu sarua bisa lumangsung lamun dahar peuting loba teuing. Awak urang masih pinuh teuing pikeun dieusian ku nyarap isukna.

Nah, ku kituna mangga urang jaga diri utamana dina kasehatan diri urang nyaluyukeun pola dahar, sareng pola istirahat, kawit ti ayeuna. Mun saurna papatah mah "Sadia payung sateuacan hujan" Eta nu langkung sae supados urang henteu kaduhung ahirna, da salaku manusa urang kudu silih ngingeutan, da jumeneng mah moal salamina.

Komentar

Postingan Populer