ARTIKEL KUNINGAN KABUPATEN PANGMISKINA SA JAWA BARAT

 

KUNINGAN KABUPATEN PANGMISKINA

SA JAWA BARAT

RIKA RIZKI LESTARI

 

            Kabupaten Kuningan mangrupakeun wilayah Kabupaten anu aya di Provinsi Jawa Barat. Kabupaten Kuningan di kenal ku patung kuda jadi Kabupaten Kuningan teh nu nyiri khaskeunna nyaeta patung kuda warna bodas. Kabupaten Kuningan ieu oge mangrupikeun tempat dilaksanakeunna Perundingan Linggarjati.

Kuningan aya diposisi kadua daerah pang miskinna sa Provinsi Jawa Barat, persentase kamiskinan di Kabupaten Kuningan ieu leuwih ageng ti Kabupaten Indramayu. Ceuk data BPS taun 2021 persentase kamiskinan di Kabupaten Kuningan teh nyaeta aya di angka 13,10 %.

Aya sababaraha alesan nu nyebabkeun kunaon Kabupaten Kuningan disebat Kabupaten pangmiskinna, diantarana nyaeta faktor kasenjangan sosial di masyarakat jadi salah saiji alesan nu nyebabkeun kamiskinan estrem anu ningkat. Conto na loba penduduk miskin di Kuningan sakolana teu lewih ti tingkat SMP, tina segi pendidikan ieu oge bisa ngaruh kana faktor kamiskinan di kuningan. Kunaon bisa kitu Rata-rata nu lulusan SMP loba anu jadi pengangguran teu bisa neruskeun ka pagawean, jadi  we ku lobana pengangguran bisa ngaruh kana penghasilan ekonomina.

Memang katingalina anu lulusan henteu sarjana teh rendah pisan padahal teu sakituna aya nu lulusan SMP, SMA oge anu bisa gawe jeung boga panghasilan sorangan. Loba oge anu lulusan SMP, SMA jadi pengusaha anu sukses sepertina tukang cilok katingalina penghasilanna sakedik padahal mah saatos di teliti penghasilanna lumayan pisan.

Padahal lamun rek ditingali tina kakayaan kabupaten kuningan teh loba, jeung deui dikuningan teh aya gunung nu terkenal sa Jawa Barat nyaeta gunung ciremai. Gunung nu megah  kacida emdahna, gunung anu pang luhurna sa jawa barat.

Kuningan oge terkenal ku daerah anu loba tempat wisata tos teu hiji dua deui. Di daerah cigugur nanjak loba pisan tempat wisata nu bisa ku urang tempo, sanes di daerah dinya wae daerah laen na oge loba pisan. Di daerah di pakulonan oge loba taneuh nu sok di keruk teras di jualan ka unggal daerah nu kitu oge sebener namah aya hasilna.

Di Kuningan oge pasti pamun urang eren rek balanja rek lalajo bola rek nongkrong pokona keur di mana wae urang ngerenkeun kendaraan urang pasti aya parkir anu saparo penghasilanna kuduna di ka pamerentahkeun. Kan tempat parkir eta teh sepertina pinggir jalan eta milik pamarentah. Ngan teuapal jelma anu sok nyandakan acis parkirna di dahar ku sorangan atanapi di kumahakeun.

Di Kuningan teh kelemahan na teuaya PT PT sapertina pabrik gede nu bisa ngahasilkeun bayar pajak tempat ka pamarentah. Sapertina di daerah Karawang loba pisan pabrik gede jelas wae karawang henteu masuk kana sala saiji kabupaten miskin da loba pamasukan tinu kitu oge. Jeung deui nu ku urang apal UMR di kabupaten kuningan ieu teh alit pisan beda sareng kabupaten nu sanesna. Tapi, di Kuningan oge nu ku urang apal aya gedung-gedung, mal, hotel, loba tempat balanja jeung sajaba nu sanesna.

Nu jadi patanyaana di kamanakeun sabagian penghasilan nu kuduna asup ka dana pamarentah teh. Sedengkeun ceuk urang mah bisa wae kuningan jadi lebih maju lamun di tingali dina kaayaanna, jeung pabogana loba pisan, urang kudu bisa ngelola sadayana jadi kasusun, amih ekonomi kecamatan urang teh bisa kapandang ku batur alus teu cicing wae didinya.

Komentar

Postingan Populer